Naon anu di maksud bintara teh
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Biantara nyaeta nepikeun kedalan dihareupeun jalma loba anu naskahna disusun sacara rapih jeung merenah. Jadi meureun anu dimakud ku pananya di luhur teh biantara, lain bintara. Biantara teh dina basa Indonesia mah sok disebut pidato. Ditilik tina suasanana aya dua rupa biantara nyaeta biantara resmi jeung biantara teu resmi.
Pembahasan
Biantara bahasa Sunda atawa dina basa lianna, biasa direspon ku anu ngaregepkeun eta biantara ngan saukur ku unggeuk, godeg, seuri atawa keprok. Kusabab kitu, komunikasi nu aya dina biantara dianggap komunikasi saarah atawa sok disebut oge monologis.
Sangkan biantara hade aya aya hiji padika anu bisa digunakeun dina nepikeun biantara nyaeta ku nerapkeun unsur-unsur nu aya dina TAMAN, anu maksudna nyaeta Tatag dina nyaritana, Aktual dina cacaritaanana, Munel dina eusi cacaritaanana, Alus basana, jeung Ngandung wirahma.
Pelajari lebih lanjut
- Nu kudu dipikanyaho samemeh nulis biantara https://brainly.co.id/tugas/11711758
- Cara nepikeun biantara dina basa Sunda brainly.co.id/tugas/6508865
- Hal-hal anu kudu diperhatikeun dina biantara brainly.co.id/tugas/4565331
__________
Detil Jawaban
Kelas : VIII
Mapel : Bahasa Sunda - Biantara
Bab : 5
Kode : 8.13.5
Kata Kunci : Biantara bahasa Sunda