B. Daerah

Pertanyaan

kudu di mana nempatkeunana iklan tinulis teh?

1 Jawaban

  • Iklan tinulis nyaeta iklan anu eusina mangrupakeun kalimah pangajak. Umpama iklan tinulis anu dimaksud nyaeta iklan layanan masarakat, mangka kalimahna mangrupakeun kalimah pangajak ti pamarentah atawa organisasi lianna ka masarakat, pikeun ngajak ngalakukeun hiji pagawean anu aya hubunganana jeung program pamarentah atawa pikeun kamaslahatan masarakat luas.

    Sedengkeun umpama iklan tinulis anu dimaksud nyaeta iklan dagang atawa iklan komersil, mangka kalimahna mangrupakeun kalimah pangajak ti perusahaan dagang atawa perusahaan komersil ka masarakat, pikeun ngajak meuli atawa ngapimilik produk atawa jasa anu ditawarkeun dina eta iklan, pikeun kauntungan perusahaan anu dimaksud.

    Iklan tinulis, kudu di tempatkeun di tempat umum anu strategis atawa tempat umum anu anu negrak, nyaeta tempat anu gampang katenjo ku masarakat ti sababaraha arah. Umpama dibandingkeun jeung wawaran, iklan tinulis mah henteu siga wawaran. Wawaran nyaeta tulisan anu eusina mangrupakeun kalimah panitah, kalimah panyaram atawa kalimah pangajak, anu kudu ditempatkeun di tempat anu aya hubunganana jeung eusi wawaran.

    Jadi, iklan tinulis mah henteu siga wawaran anu kudu ditempatkeun di tempat anu aya hubunganana jeung eusi wawaran. Tapi iklan tinulis mah bisa ditempatkeun di mana wae, henteu kudu di tempat anu aya hubunganana jeung eusi iklan ti nulis. Anu penting, iklan tinulis mah ditempatkeun di tempat umum anu negrak, anu gampil kaciri ku masarakat ti sababaraha arah.

    Sedengkeun media anu bisa digunakeun pikeun nyieun iklan tinulis, nyaeta media saperti poster, spanduk, atawa dina baliho. Biasana pikeun nambah kataji ka anu maca, dina iklan tinulis sok dipasieup ku gambar atawa ilustrasi anu alus. Salian ditempat umum, iklan tinulis oge biasa ditempatkeun dina koran, majalah, atawa dina Internet.  

Pertanyaan Lainnya