B. Daerah

Pertanyaan

Seni mintonkeun carita pantun di sebut...

1 Jawaban

  • Seni mintonkeun carita pantun di sebut mantun. Carita pantun nyaeta salahsahiji rupa karya sastra Sunda dina wangun ugeran atawa puisi. Sanajan carita pantun teh mangrupa karya sastra dina wangun puisi, carita pantun eusina mangrupa carita. Conto puisi Sunda lianna, salian ti carita pantun, anu eusina mangrupa carita nyaeta wawacan. Sedengkeun conto puisi Sunda anu eusina henteu mangrupa carita nyaeta sajak, sisindiran, guguritan jeung pupujian.  

    Pembahasan

    Carita pantun teh dipintonkeun dina dua wangun pintonan, nyaeta dipintonkeun pikeun hiburan jeung dipintonkeun pikeun acara ritual anu sakral. Kukituna, fungsi carita pantun teh nyaeta pikeun hiburan atawa pikeun ritual anu miboga suasana sakral. Dina puisi Sunda oge aya wangun puisi anu sarua jeung pantun dina sastra Indonesia, nyaeta sisindiran. Sanajan sisindiran teh sarua jeung pantun dina sastra Indonesia, sisindiran beda jeung carita pantun.

    Pelajari lebih lanjut

    • Pengertian carita pantun, dalam bahasa Sunda https://brainly.co.id/tugas/9947699
    • Ciri-ciri carita pantun https://brainly.co.id/tugas/10062211
    • Struktur carita pantun https://brainly.co.id/tugas/4202694

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : XII

    Mapel : Bahasa Sunda - Carita Pantun

    Bab : 2

    Kode : 12.13.2

    Kata Kunci : Carita pantun, puisi Sunda

Pertanyaan Lainnya